← Back to list

Nulis mah Gampang

Syukur Alhamdulillah kuring dibéré kasempetan pikeun magang di PBS, salila 7 minggu. Dimimitian ku poé ayeuna ping 1 Juli, awal bulan anu…

ricekaa · 2026-07-01 21:39 · 0 claps · 0.8 min read
#magang #day-1 #productivity #writing #creative-writing
Open on Medium ↗
Wiki topics: LIT · Literature & Writing ⏱️ · Productivity ✍️ · Writing & Creative

Nulis mah Gampang

Syukur Alhamdulillah kuring dibéré kasempetan pikeun magang di PBS, salila 7 minggu. Dimimitian ku poé ayeuna ping 1 Juli, awal bulan anu barokah pikeun nyutatkeun lalampahan kahirupan, pangalaman anu kalintang berhargana jeung pastina miboga kaparigelan anyar. Sanajan waktuna singket pisan.

Poé kahiji, loba pisan panganteur sakaligus pangjeujeuh ka urang balaréa anu ngajieun kuring ‘oh bener kieu geningan’. Utamana panganteur ti Prof. Ganjar. Salasahiji kalimahna ‘nulis mah gampang, kari mawa pulpen jeung keretas’. Enya téa, da cék kuring mah nulis téh hésé pisan. Komo ngalawan haroream mah. Geus boga idé tingal prakna éh da haroream iwal ti tugas anu sumanget téh.

Kumaha deui urang nu butuh niléy nya urang ogé nu kudu usaha. Kuring sok mikir loba inohong-inohong Sunda hususna diwidang sastra anu usia na geus lanjut, tapi masih kénéh produktif tina nulis. Kadsnh mah kuring téh kaisinan,naha kuring anu masih ngora henteu produktif tina nulis. Kahayang mah gédé tapi loba haroreamna. Aya teu nya tips and tricks kumaha améh teu haroreaman waé?

Sakumaha lobana motivasi asa asup ceuli katuhu kaluar ti kénca. Cék kuring motivasi anu bener-bener ngajieun sumanget balik deui nya diri urang sorangan. Meren ke gé kuring aya masana keur produktif nulis sing salilana kuring produktif nulis. Da nulis mah gampang!


메타데이터
post_id
2ac2d6ed03aa
slug
nulis-mah-gampang-2ac2d6ed03aa
url
https://medium.com/@riskaepye/nulis-mah-gampang-2ac2d6ed03aa
canonical_url
https://medium.com/@riskaepye/nulis-mah-gampang-2ac2d6ed03aa
author_url
https://medium.com/@riskaepye
status
ok
fetched_at
2026-07-09 08:02:55