← Back to list

Mang Langit Nu Tungkul ka Jukut

"Panto téh nyapékeun. Kudu dikoér waé ti jero. Ti luar mah teu bisa muka," ceuk supir angkot Tanjungsari-Cicalengka, ngaranna Mang Langit.

dian nugraha ramdani · 2026-02-05 21:54 · 0 claps · 2.3 min read
#public-transportation #angkot
Open on Medium ↗
Wiki topics: 🚆 · Urban & Transport

Mang Langit Nu Tungkul ka Jukut

"Panto téh nyapékeun. Kudu dikoér waé ti jero. Ti luar mah teu bisa muka," ceuk supir angkot Tanjungsari-Cicalengka, ngaranna Mang Langit.

POV ti jero angkot Mang Langit.

POV ti jero angkot Mang Langit.

Angkotna butut. Salian butut, karasa éta téh angkot kolot. Teu bisa ngebut, ukur bisa ngajékjrék maju lalaunan. Najan kitu, ari rém tukang jeung rém tangan mah fungsina normal.

Kuring clé kana korsi kabin. Diuk gigireun Mang Langit. Nyambung rahuhan inyana ngeunaan panto, kuring némbal, nu penting mah kakoér kénéh ku leungeun. Bari ngabebener posisi diuk, jetrék panto ditutupkeun. Karasa kacana eundeur.

Dina pikir, ieu panto lamun coplok pasti Abu Nawas atoheun. Pasti ku mantenna diririhan. Naon sababna? Ceuk Kang Ibing, Abu Nawas mun kamana-mana sok mawa panto mobil. Waktu ditanya naon alesanana, jawabna énténg: Lamun hareudang, buka kacana.

Kuring miceun tonggong kana panyarandéan. Enjoy! Saanggeus ngadagoan rada lila di sisi jalan, ahirna meunang ogé angkot. Jam 17.00 mémang waktu pamungkas keur ngiderna angkot konéng éta.

Mudah-mudahan Allah SWT ngagampangkeun jalan hirup Mang Langit. Ngan éta nu matak kataji téh. Leungeun kéncana. Sajaba ti waspada kana nyekel gagang perseneleng, ogé sok obah terus-terusan ka luhureun sirahna.

Obahanana mah jiga gerakan jelema anu nunuhunan, nganuhunkeun. Nyunyuhun banda paméré kana luhureun sirah. Sakapeung mah, obahanana téh jiga anu keur nunjuk ka langit. Jiga totondén yén di ditu aya Sang Kawasa. Mun diitung sabaraha kali obahanana, ah moal kaitung.

Sajeroning "nunuhunan", Mang Langit teu petot ngadongéng. Duh, insting wartawan kuring bijil deui. Dicekéskeun wéh ku memori leutik pertanyaan ngeunaan angkot konéng. Pertanyaan téh ditungtut hiji-hiji.

Mimiti ngeunaan kajadian angkot konéng tigebrus kana gawir di Cibogo. Derekdek inyana ngadongéngkeun tina POV babaturanana salaku sasama supir anu ngalaman éta kajadian. Panjang. Inyana nepi ka nyaho saha-saha waé anu tatu, jeung naon anu matak éta angkot tigebrus.

"Apanan abdi anu nyandak jalmi potongna pananganna gé. Gagauran bakat ku nyerieun," pokna.

Rék anggeus éta carita, ku kuring diseungeut deui maké pertanyaan: kumaha kajadian jalma kurang saeundan mawa péso ka jero angkot di daerah Desa Gudang?

Derekdek inyana ngadongéng deui tina POV sopir angkot. Sakaligus méré kritik kana "gaya nyupir" supir dina kajadian harita, anu nyababkeun dua panumpang ngagajleng tina angkot terus tilar dunya.

"Innalillahi," ceuk kuring. Ngangres ku kajadian modél kitu.

Dongéngna panjang deui nalika panalék demi panalék lalaunan ku kuring disogrogekun ka inyana. Kaasup pasualan-pasualan kriminal anu haneut kénéh kajadianana. Inyana ngaku yén tatanggana, atawa kawawuhanana loba anu sangsara jalaran polah sorangan.

Kahirupan kawawuhanana bati ngojeg contona, kudu lapur sabab diri dicerek pulisi, ninggalkeun anak anu sarakola jeung pamajikan anu teu bisa kasab. Jeung loba deui, jeung loba deui.

"Abdi mah ka handap wé nempo téh," pokna.

"Ka jalan?"

"Sanés, ieu mah kahirupan!"

"Oh sugan téh ari keur nyupir!"

"Abdi sok ngarasa ripuh, kudu setoran angkot, bati teu sabaraha, gening loba kénéh anu leuwih ripuh ti abdi," pokna.

"Enya teu nanaon ari badé kitu mah. Éta basa Sundana 'tungkul ka jukut' lamun nempona ka luhur, 'tanggah ka sadapan', " walon kuring.

Di jero angkot sésa duaan. Kuring jeung saurang ibu-ibu anu teuing rék turun di mana. Kuring téréh nepi ka tujuan. Tapi, raray Mang Langit robah tina paroman gumbira ka gumbira pisan sabab nempo di hareup aya sarombongan jelema megat angkotna rék tumpak. Jigana rék ka stasiun kareta.

"Sing gunuluran milik, Mang!" ceuk kuring dina haté. Kuring turun. Angkot kolot maju deui, ngajékjrék.

----- Catetan Gawir (Jumaah, 6 Februari 2026) Dian Nugraha Ramadani.


메타데이터
post_id
d7c4d55e4ae2
slug
mang-langit-nu-tungkul-ka-jukut-d7c4d55e4ae2
url
https://medium.com/@catetan-gawir/mang-langit-nu-tungkul-ka-jukut-d7c4d55e4ae2
canonical_url
https://medium.com/@catetan-gawir/mang-langit-nu-tungkul-ka-jukut-d7c4d55e4ae2
author_url
https://medium.com/@catetan-gawir
status
ok
fetched_at
2026-07-13 06:23:13